Sabtu, 25 Februari 2012

Nadom Barudak


                                     Silsilah Nabi SAW (Versi Sunda)
Wajib ka jalma islamna uninga rundayanana
Jeung Nabi utusan Alloh Muhammad putra Abdulloh,

Abdulloh-(putra)-Mutholib-Hasyim-'Abdi manaf-"Qushoy"
Qilab-Muroh-Qa'ab-"Luay"
Gholib-Fihir-Malik-"Nadhor"
Qinanah-Huzaimah-Mudriqah-"Ilyas"
Mudhor-Nizar-Ma'ad-'Adnan.

Wajib dugi ka Adnan haram nguningakeunnana
Ti Adnan dugi ka Adam sabab taya jalan soheh,sabab taya jalan soheh
Wajib deui uningana rundayana ti ibuna
Jeung Nabi utusan Alloh Muhammad putra Aminah,

Aminah putrina Wahab-Wahab putra-'Abdi manaf-zuhroh-Qilab

Tepang deui diramana,di Qilab janggawarengna
Jadi ibu jeung ramana masih keneh sarundayan,masih keneh sarundayan.

0 komentar:

Posting Komentar