Sabtu, 25 Februari 2012

Nadom Barudak (RIWAYAT NABI)


RIWAYAT NABI



Gusti urang sarerea kanjeng Nabi anu mulya Muhammad jenenganana arab Qures nya bangsana
Ramana gusti Abdullah Ibuna Siti Aminah di babarkeun na di Mekah wengi senen taun gajah

Rabiul Awal Bulanna tanggal ka Dua Belasna April Bulan Masehina tanggal ka Dua Puluh na
Ari bilangan taun na Lima Ratus cariosna Tujuh Puluh panambihna sareng Sahiji punjul na

Siti Aminah misaur waktos babar na ka catur ningal cahya mani ngempur di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran orok tos kenging nyepitan soca lir kenging nyipatan serta harum sesengitan

Keur opat tahun yuswana di beresihan manahna Nabi di beulah dadana Malaikat nu meulahna
Jibril kadua rencangna Mikail jenenganana ngeusikeun kana manahna elmu hikmat sapinuh na

Tuluy dada kanjeng Nabi gancang di rapet keun deui sarta teu ngaraos nyeri di cap ku khotamin Nabi
Nuju tanggal Tujuh likur ulan Rajab nu ka catur nurut kaol anu mashur kanjeng Nabi teh di saur

Di papag ku Malaikat nyandak burok nu ka sebat leumpang na teh cara kilat tunggangeun Nabi angkat
Medal Nabi akhir zaman pirang pirang keanehan sesembahan bangsa setan kabeh pada karuksakan

Yuswa Nabi 5 bulan tos tiasa jalan jalan Yuswana 9 Bulan tos capetang sasauran
Yuswana 10 Bulan tiasa ameng papanahan ngelehkeun budak lian tapi tara kumagungan

Ti Mekah ka Baitul Makdis teu nganggo lami antawis ku jalma henteu antawis kersana gusti nu wacis

Ti Baitul Maqdis terasna naek na tangga kencana mi'raj tea ka sebat na
Tujuh langit sadayana
Jeung arasy nu pangluhurna di sumpingan sadaya katut surga narakana

Kanjeng Nabi di timbalan Ku Gusti nu sifat Rohman anjeuna kudu netepan salat muji ka pangeran
Kabeh jalma anu iman sami pada kawajiban salat nu lima giliran henteu meunang di kurangan

Salat eta minangkana dina agama tihang na jalma nu luput salatna nyata rubah agama na.

6 komentar:

  1. hihihi jadi inget masa muda nih. . :-D

    BalasHapus
  2. kapungkur nu nyiptaken eta nadoman saha nya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. muhun eta teh kirang uninga, eta ti sepuh-sepuh kapungkur nadoman teh, no name pangintennya. hehe

      Hapus
  3. Terang nami buku nadomna kang? Janten emut nuju SD 20 taun kapengker

    BalasHapus
    Balasan
    1. muhun t uninga kang. sumber dari hafalan pas anak.hehe

      Hapus