Sabtu, 25 Februari 2012

Nadom Barudak

Putra Rosululloh
Ari putra Rasululloh
Sadayana aya tujuh
Genep ti Siti Khodijah
Hiji ti Siti Mariyah 2X

Sayi Qosim pang cikalna
Siti Jaenab kaduana
Ruqoyah nu panggeulisna
Fatimah nu diasihna 2X

Ummi Kultsum kalimana
Abdulloh nu kagenepna
Toyib Tohir katelahna
Nu genep ti Khadijahna 2X

Ibrohim nu katujuhna
Mariah janten Ibuna
Urang Kibti nagarana
Pamasihan ti Rajana 2X

Tah sakitu sadayana
Putra Rosul anu mulya
Nu wajib di uningana
Ku jalmi anu imanna 2X.

0 komentar:

Posting Komentar